Rabu, 21 Oktober 2009

Sisindiran Euy!

Sampurasun...
Keur urang Sunda mah mun ngadenge kecap sisindiran tangtu geus teu aneh, komo keur kolot baheula mah. Tapi mun ditingali ku kamajuan jaman ayeuna, barudak sakola sigana geus jarang pisan nu apal.Komo deui barudak sakola nu sakolana di kota jeung indung bapana lain pituin urang Sunda atawa di kulawargana geus tara make basa Sunda, tapi di sakola kudu diajar basa Sunda siga di kota Bandung.
Di handap ieu dipedar saeutik ngeunaan naon ari sisindiran teh, mangga nyanggakeun.

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngadung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Sisindiran lamun ditingali wangunna ampir mirip jeung 'pantun' dina sastra Indonesia. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna.
Wangunan sisindiran téh kauger (terikat) ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta:
(1) rarakitan
(2) paparikan, jeung
(3) wawangsalan
Ditilik tina eusina (temana), rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta:
(1) silihasih (kasih sayang/cinta)
(2) piwuruk (nasehat), jeung
(3) sésébréd (humor)
Ciri/sarat sisindiran :
(1) Dina sapada (1 bait) opat padalisan (4 baris)
(2) Unggal padalisan kudu ngandung 8-12 engang (suku kata)
(3) Padalisan ka 1&2 disebut cangkang
(4) Padalisan ka 3&4 disebut eusi
(5) Vokal ahir dina tungtung padalisan ka 1&3 kudu murwakanti,kitu deui padalisan ka 2&4.
Vokal dina Basa Sunda aya tujuh nya eta: a - i - u - e - o - eu - e.

Conto sisindiran:
1. Sesebred
Aya roda dina tanjakan,
katinggang ku pungpang jengkol.
Aya ronda gogoakan,
katinggang ku hulu kohkol.

Meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.

Cau naon cau naon,
cau kulutuk dijuru.
Bau naon bau naon,
bau hitut nu dijuru.

2. Silihasih
Aya listrik dimasigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
cangkengna kaman-mana

Sapanjang jalan Soreang,
moal weleh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang
moal welah disuratan.

3. Pepeling
Sing getol nginum jajamu,
nu gunu nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu
nu guna dunya aherat.

Salila milu kadinya,
teangan roda padati.
Salila hirup di dunya,
teangan ridoning Gusti.

Lamun ku urang perhatikeun conto sisindiran diluhur aya nu kaasup Paparikan jeung Rarakitan. Naon eta teh? dihandap ieu dijelakeun saulas ngeunaan paparikan jeung rarakitan.
1. Paparikan nya eta sisindiran anu saratna asal nyumponan sarat anu lima diluhur.Atawa bisa disebutkeun sisindiran anu standar.Contona dina sisindiran pepeling nu kahiji.
2. Rarakita nya eta sisindiran anu saratna sarua jeung sarat paparikan tapi ditambahan hiji sarat nya eta kecap mimiti padalisan ka 1&3 kudu sarua,kitu deui kecap mimiti padalisan ka 2&4 kudu sarua oge.
3. Wawangsalan nya eta sisindiran anu kudu diteguh eusina,wangunna ngan dua padalisan.Padalisan kahiji patalekanana, sedengkeun padalisan kadua biasana deukeut-deuket kana jawaban tina patalekan padalisan kahiji. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.
Contona:
Belut sisit sabadarat,
Kapiraray siang wengi.
Wangsalng: oray

Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
Wangsalna: eurih


Tulisan tina sababaraha sumber.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar